Website Iklan Tayang Selamanya
Promo spesial hari ini posting iklan di situs web Iklan Jawa Barat murah sekali
setidaknya satu iklan Anda harus ada di Iklan Jawa Barat unikbaca.com ini, agar pengunjung
atau pengakses dapat mencari dan tahu usaha Anda, posting iklan di Iklan Jawa Barat murah
🎁 Hari ini sebar iklan massal murah ke 1.050 web! DISKON!

thumbnail

Sasakala Lalay :: Dongéng

Sasakala Lalay :: Dongéng
ilustrasi: Mangle
Jaman baheula di tutugan gunung Galunggung aya padépokan katelah padépokan Watukancana. Anu ngaheuyeuk éta padépokan jujulukna Resi Anggana Manik. Anjeunna hiji Resi anu kakoncara luhung élmu jembar panalar, kalangenan Éyang Resi ti waktos anom kénéh resep ngempelkeun batu ali.

Rupi-rupi batu permata parantos kagungan, kayaning jamrut, angkik, mérah delima sareng sajabinan parantos sarajut ageung seueurna. Tapi aya kénéh anu jadi kapansaran Éyang Resi, aya kénéh nu dipikapalayna nya éta batu wulung. Para catrik diutus ka tiap madhab, nguriling ka tepis wiring, ngambah ka pilemburan sugan aya sumebar béja di mana batu wulung.

Kocap aya selenting bawaning angin, béja nu pabéja-béja, cenah dina gawir cadas nu garawés tonggoheun léngkob Kupuk Cangéhgar, mun isuk-isuk atawa soré sok katémbong aya cahaya konéng semu beureum nyéngcélak.

Catrik Ki Tirtaguna gancang piunjuk wawartos ka Éyang Resi ngeunaan éta béja. Atuh Éyang Resi kacida ngaraos bingahna. Saterusna Éyang Resi kalayan diiring ku paracatrik, jengkar ngajugjug tempat anu ceuk béja téa. Anjog ka tempat anu dijugjug téh wanci pasosoré. Enya baé sakumaha anu ceuk béja téa téh nyata.

Tapi rék kumaha bisana nyandak barang anu dimaksud, pisakumahaeun bakal bisa disorang, lantaran pernahna dina sela-sela batu gawir cadas anu nangtawing, pamohalan bisa ditaékan. Éyang Resi lajeng calik sidakep, meleng neneda kénging ilapat. Saterusna Éyang Resi lajeng gugupay, téléndén aya beurit nyampeurkeun. Ku Éyang Resi éta beurit téh dicaritaan sangkan mangnyokotkeun itu barang nu cahayaan konéng semu beureum di jero sela-sela batu dina gawir cadas. Pikeun beurit teu héséeun, babarieun pisan nérékél naékan gawir téh. Atuh sadepan ogé geus turun deui bari ngégél batu wulung anu hérang ngempur konéng sari beureum. Éyang Resi tumanya ka beurit, sabada ngalaksanakeun piwarangna hayang naon éngké beurit baris dilaksanakeun. Sakadang beurit nyarita yén manéhna hayang bisa hibeur. Mungguhing Éyang Resi anu linuhung élmu, harita kénéh anjeunna ngaluarkeun sulampé tina saku jubahna, teras dirungkupkeun kana awak sakadang beurit. Dihin pinasti dadak sakala sulampé jadi sakulit sadaging kana awak sakadang beurit ngajadi jangjang sarta terus bisa hiber.

Sakadang beurit laksana sakahayang bisa hiber, kitu deui Éyang Resi tinekanan. Ti harita éta sato jajadian téh katelahna lalay,** (Sumber: Odjo AD / Galura)
Posting Iklan 50 Situs