Aya Sakadang Beurit nu panasaran hayang ningali singa. Indit ka leuweung. Lebah handapeun tangkal anu ngaroyom daharnna, katingal aya hiji sato, gagah, jeung simaan deuih. Buukna jabrig, ririaban. Kuku-kukuna tembong sareukeut. Huntuna ranggĂ©tĂ©ng, “Leuh kawasna ieu sato anu disebut singa tĂ©h,” ceuk sakadang Beurit dina jero hatĂ©na.

Éta singa jalu téh nundutan, tuluy baé héés. Sakadang Beurit nyampeurkeun Sakadang Singa nu keur tibra. Awahing ku panasaran, Sakadang Beurit téh maké jeung ngarampaan kumis Sakadang Singa. Mireungeuh sato anu katelah Si Raja Téga, kalah cicing baé. Sakadang Beurit beuki wani. Kalacat naék kana sirah Si Raja Leuweung, buuk Sakadang Singa téh dirampaan maké jeung ngilikan liang irungna. Biwir nu keur saré téh disuaykeun.
Sakadang Singa ngarasa aya nu uyup ayap kana beungeutna. Tuluy baĂ© matana mĂ©lĂ©tĂ©t. ‘Hah? Si Kunyang geuning? Bangkawarah! Keun siah!” ceuk dina hatĂ©na.
“Haciiiih…!” Sakadang Singa pura-pura beresin. Sakadang Beurit ngarĂ©njag, nepi ka awakna tijengkang. Nangkarak bengkang dina jukut. TĂ©mbong kuku-kuku singa geus ngurung awakna. RĂ©t tanggah, katingal Sakadang Singa tĂ©h, nyanggĂ©rĂ©ng, nĂ©mbongkeun sihung-sihungna.
“Duh Gamparan, kuring ulah dikerekeb!” ceuk Sakadang Beurit. Awakna ngadĂ©gdĂ©g.
“Ari ilaing atuh wani-wani culangung ka ngaing tĂ©h, Hah!” Dihakan siah ku ngaing!” ceuk Sakadang Singa.
Sakadang Beurit ceurik balilihan, bari mĂ©nta dihampura, Sakadang Singa ngarakacak hatĂ©na. ”Heug sakali ieu mah, ilaling ku ngaing dihampura,” pokna.
Aya kana dua taunna Sakadang Beurit teu papanggih deui jeung Sakadang Singa. Dina hiji mangsa di sisi leuweung, manéhna ngadéngé sora sato nu keur inghak-inghakan. Barang ditéang ka deukuet tangkal. Bréh baé katingali Sakadang Singa nu baréto ampir rék ngerekeb manéhna teu walakaya karungkup ku jaring.
“Sakadang Beurit, cing tulungan,” ceuk Sakadang Singa.
Sakadang Beurit tuluy nyĂ©gĂ©tan tali jaring tepi ka paregat. Sakadang Singa bisa lolos tina Ă©ta jaring. “Éh Sakadang Beurit, nuhun pisan, kuring geus ditulungan,” ceuk Sakadang Singa bungaheun pisan. (Sumber: Uwa Agah/Galura)

ilustrasi: google