Website Iklan Tayang Selamanya
Selamat datang di situs web periklanan jaringan unikbaca.com "Semoga Hari Anda Selalu Menyenangkan!"
Setidaknya satu iklan Anda posting juga di situs web iklan ini!
Agar pengunjung atau pengakses dapat mencari dan tahu usaha Anda
📝 POSTING Hari ini DISKON 50%

thumbnail

Babasan jeung Paribasa | R

Ranggaék méméh tandukan Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina. Saharti jeung beunghar méméh boga atawa jeneng méméh pangkat.

Raweuy beuweungeun rambay alaeun Subur mamur loba dahareun hasil tani.

Réa harta réa harti, réa ketan réa keton Loba paré (dahareun) jeung loba duit, taya kakurangan.

Réa rambat kamaléna Réa patula-patalina jeung perkara séjén.

Rék dibeureum rék dihideung gé pasrah Dikumahakeun ogé moal ngalawan.

Rék dijieun jimat paripih (parépéh) Rék didama-dama, awéwé ku salakina nu kacida bogoheunana.

Rejeki kaseser ku hakan Rejeki béak ku dipaké barangdahar atawa béak ku kaperluan dahareun wungkul.

Rejeki maungeun Rejeki gedé anu datangna bleg-blegan, tapi langka pisan.

Rempung jukung Sauyunan, sahaté, silihtulungan.

Reuneuh munding Awéwé reuneuh leuwih ti salapan bulan.

Reuntas ku tingkah Turun harkat lantaran goréng laku lampah.

Risi ku bisi, rémpan ku sugan Réa kaselempangan dina waktu kurang aman.

Rokrok pondokeun, peunggas (getas) harupateun Babari ambek, babari anggeus-anggeusan.

Rubuh-rubuh gedang Barudak nu dialajar salat berjamaah (amum) kakara nurutan ruku-sujudna wungkul atawa migawé sarupaning perkara teu karana nyaho kana maksudna, sakadar nurutan batur.

Rumbak caringin di buruan Geus euweuh nu bakal ngingetan, ku sabab geus teu boga kolot saluhureun.

Rup ku padung rap ku lemah, katuruban (diurugan) taneuh beureum Geus maot, dikubur.

Rusuh luput gancang pincang, kajeun kendor dapon ngagémbol Sanajan gancang ari gaplah percumah, mending kendor tapi hasil.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005
Posting Iklan 50 Situs